Jumat, 18 September 2015

Tugas Bahasa Sunda ( Biografi Rerencangan )

                  Nami rerencangan abdi nyaeta Khansa Saniyya Juswantara, anjeuna lahir di Bogor, kaping 13 Oktober 2000. Nami panggilanana nyaeta Khansa . Anjeuna putri ka dua ti opat bersaudara. Nami pun Biangna nyaeta Lismawati , nami ramana nyaeta Tantan Juswantara.
            
             Anjeuna linggih di Lewikopo No. 7 Rt 03/02 Babakan, Dramaga. sateuacan sakola di SMAN 9 Bogor anjeuna sakola di SMP Rimba Teruna. Keur SMP anjeuna ngiringan ekskul PMR anu sering ngring lomba jeung sering juara.

             Anjeuna pernah meunang lomba juara ka tilu di Universitas Pukan. Di SMP anjeuna gaduh sobat deukeut nyaeta Putri Aprilliani, Destia Rahmadiani sareng Anita Diansari.

             Parantos lulus ti smp, anjeuna ngalanjutkeun sakola ka SMAN 9 Bogor. Alhamdulillah anjeuna tiasa katarima di SMAN 9 Bogor di taun 2015. Di SMAN iyeu anjeuna hoyong nyandak jurusan IPA sabab anjeuna hoyong neraskeun ka Universitas  Negeri jurusan farmasi.

Tugas Bahasa Sunda ( Biografi pun Biang)

                Nami pun biang nyaeta Dewi Masitoh. Anjeuna lahir di Cianjur kaping 12 April 1972. Anjeuna teh putri ka tilu ti pasangan Bapak Suja'i sareng Ibu Didah. Salah sahiji wargina teh tos pupus nyaeta lanceukna anu kahiji. Aktifitas anjeuna ayeuna teh jadi Ibu rumah tangga sakaligus ngabantuan pun rama damel. Anjeuna teh gaduh sifat anu bageur, nyaah ka kaluargina, sareng sok nulungan batur anu gaduh kasusah.

              Ti umur 12 taun pun biang teh tos dicandak ku salah sahiji wargina di Bogor, jadi nepikeun ka ayeuna anjeuna teh netep di Bogor. Pun biangna pupus basa abdi umur 10 taun. Pun ramana teh pupus basa abdi umur 5 taun.

              Anjeuna teh di sakolakeun ku wargina nu di Bogor. Anjeuna oge pernah sakola di SDN 02 Cianjur, SMPN 8 Bogor , SMA Insan Kamil Bogor. Di bogor oge anjeuna nikah sareng pun rama kaping 8 Desember 1996.

              Ayeuna anjeuna teh gaduh 1 puteri sareng 1 putera. Anu kahiji namina Amanda Khoirunisa (15 taun) anu ayeuna sakola di SMAN 9 Bogor sareng nu bungsu namina M. Dean Ravi Khoirunizar (5 taun) anu ayeuna nembe sakola di Paud Al- Mujahiddin. 

Biografi pun Bapa (Tugas Bahasa Sunda)


            Nami rama abdi nyaeta Khoirul Anam. Anjeuna lahir di Jawa Timur, kaping 12 Desember 1972. Anjeuna teh putra bungsu ti 10 bersaudara, anjeuna oge putra ti pasangan Bapak Jayadi sareng Ibu Rukhoyah. Ti anjeuna umur 7 sasih teh parantos ditinggalkeun pupus ku pun biangna. 

         Ahirna ti leutik teh anjeuna teu acan pernah ningali sosok indungna. parantos sababaraha taun saatos indungna pupuS, pun ramana teh nikah deui sareung nu sejen. ti leutik oge anjeuna di sakolakeun  ku lanceuk - lanceukna nepi ka umur 20 taun. Anjeuna teh pernah sakola di SD Masyariqul Anwar , SMP Al Islam Sukomoro , SMA Al Khidmah Ngronggot

         Di umur 21 taun anjeuna teh bade ngarantau ka babaraha kota, saperti anjeuna pernah ngarantau ka kalimantan, di kalimantan anjeuna teh jadi mandor bangunan anu tiasa disebut sukses. Saatosna anjeuna ngarantau ka sumatera, jakarta , sareung terakhir ka Bogor.

         Tah, dibogor iyeu anjeuna teh patepang sareng pun biang . Akhirna anjeuna teh nikah di taun 1996, kaping 8 Desember. anjeuna ayeuna gaduh 1 putri sareung 1 putra nyaeta : Amanda Khoirunisa (1999) sareng M. Dean Ravi Khoirunizar (2010). Profesi anjeuna ayeuna teh jadi Agen koran, majalah sareung tabloit anu gaduh lewih ti 50 pedangang / pengasong