Jumat, 18 September 2015

Tugas Bahasa Sunda ( Biografi pun Biang)

                Nami pun biang nyaeta Dewi Masitoh. Anjeuna lahir di Cianjur kaping 12 April 1972. Anjeuna teh putri ka tilu ti pasangan Bapak Suja'i sareng Ibu Didah. Salah sahiji wargina teh tos pupus nyaeta lanceukna anu kahiji. Aktifitas anjeuna ayeuna teh jadi Ibu rumah tangga sakaligus ngabantuan pun rama damel. Anjeuna teh gaduh sifat anu bageur, nyaah ka kaluargina, sareng sok nulungan batur anu gaduh kasusah.

              Ti umur 12 taun pun biang teh tos dicandak ku salah sahiji wargina di Bogor, jadi nepikeun ka ayeuna anjeuna teh netep di Bogor. Pun biangna pupus basa abdi umur 10 taun. Pun ramana teh pupus basa abdi umur 5 taun.

              Anjeuna teh di sakolakeun ku wargina nu di Bogor. Anjeuna oge pernah sakola di SDN 02 Cianjur, SMPN 8 Bogor , SMA Insan Kamil Bogor. Di bogor oge anjeuna nikah sareng pun rama kaping 8 Desember 1996.

              Ayeuna anjeuna teh gaduh 1 puteri sareng 1 putera. Anu kahiji namina Amanda Khoirunisa (15 taun) anu ayeuna sakola di SMAN 9 Bogor sareng nu bungsu namina M. Dean Ravi Khoirunizar (5 taun) anu ayeuna nembe sakola di Paud Al- Mujahiddin. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar