Jumat, 18 September 2015

Biografi pun Bapa (Tugas Bahasa Sunda)


            Nami rama abdi nyaeta Khoirul Anam. Anjeuna lahir di Jawa Timur, kaping 12 Desember 1972. Anjeuna teh putra bungsu ti 10 bersaudara, anjeuna oge putra ti pasangan Bapak Jayadi sareng Ibu Rukhoyah. Ti anjeuna umur 7 sasih teh parantos ditinggalkeun pupus ku pun biangna. 

         Ahirna ti leutik teh anjeuna teu acan pernah ningali sosok indungna. parantos sababaraha taun saatos indungna pupuS, pun ramana teh nikah deui sareung nu sejen. ti leutik oge anjeuna di sakolakeun  ku lanceuk - lanceukna nepi ka umur 20 taun. Anjeuna teh pernah sakola di SD Masyariqul Anwar , SMP Al Islam Sukomoro , SMA Al Khidmah Ngronggot

         Di umur 21 taun anjeuna teh bade ngarantau ka babaraha kota, saperti anjeuna pernah ngarantau ka kalimantan, di kalimantan anjeuna teh jadi mandor bangunan anu tiasa disebut sukses. Saatosna anjeuna ngarantau ka sumatera, jakarta , sareung terakhir ka Bogor.

         Tah, dibogor iyeu anjeuna teh patepang sareng pun biang . Akhirna anjeuna teh nikah di taun 1996, kaping 8 Desember. anjeuna ayeuna gaduh 1 putri sareung 1 putra nyaeta : Amanda Khoirunisa (1999) sareng M. Dean Ravi Khoirunizar (2010). Profesi anjeuna ayeuna teh jadi Agen koran, majalah sareung tabloit anu gaduh lewih ti 50 pedangang / pengasong
        

Tidak ada komentar:

Posting Komentar